Wednesday, June 5, 2024

Ngahaturkeun Wilujeng Enjing

 



Ngahaturkeun Wilujeng Enjing


Matapoé nembongan di langit wanci

Ngéndong cahaya mancer sinar tina wanci

Mapag cai ibun dina pucuk kai

Ngambang di mega

Sagara tresna


Angin ngayun daun di Taman Sari

Mipit rasa tingtrim

Kembang mekar

 Masagi jeung surya Cahyana ngahudang sanubari


Langit rubak

Biru wening sauyunan

Nyimpaykeun rasa syukur dina ati 

Baraya nu araya Nembang di lembur cinta

Ngamumule kabudayaan dina wanci nu asri.


Hayu urang ngahaturkeun sukur ka Nu Mahaagung

Anu maparin rejeki dina unggal ambekan napas

Mapatkeun sajak tresna,

Mapag poé anyar

Rasa sukur nu linuhung.


Kang Yoga

Purwakarta, 05 Juni 2024

No comments:

Post a Comment

Lembur Atikan Sunda Kelas Eksplorasi Budaya

"Lembur Atikan Sunda" adalah sebuah istilah dalam budaya Sunda yang merujuk pada suatu konsep atau tempat di mana nilai-nilai, tra...